KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Rabu, 14 September 2022

Gunung Padang Cikarag


Gunung padag cikarag tempat sumarena Resi Ajar Padang ratu galuh boga sabaraha ngaran diantarana disebut gunung buligir disebut buligir lantaran can hirup tatangkalan, disebut gunung gedong kosong lantaran eta gunung batu diherona kosong lamun pareng kawenehan leumpang ditengah luhur gunung sok karara saperti nincak tempat anu kosong, disebut oge gunung sakti lantaran eta gunung tempat tapana Ki Ajar Sakti , samemehna eta gunung disebut Hunung Cipu tempat tatapana Guru Minda Lutung Kasarung , mangrupakeun lawang ka ruhur , lutung kasarung kungsi pulang anting nepungan Sunan ibu di ruhur, tepi ka ayeuna ku nu ayeuna eta gunung fisebut gunung padang aya sababaraha makam nu aya di ruhur gunung padang sajaba ti makam Ki Ajar Padang ratu galu ahli munajat anu ngaraketkeun diri ka Gusti , di gunung padang oge aya lawang mangruoa liang di pongpok kaler kidul , nu kawenehan sok ngadenge ngagerutna sora lawang dibuka atawa ditutup , beh ditu mah sok disebut sora parag matak deukeut eta gunung aya lebak ciparag ayeuna ciparag anu engkena ngamuhara ka cibayawak.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar