KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 20 Mei 2023

Pantun Priangan

Pantun Sumedang
Diwangun ku juru pantun jeung alok dipirig ku dua wadrita  pantun kacapi gede anu jiga lisung jeung kecrek  ,  gawen juru pantun atawa tukang pantun atawa dalang pantun nyeta nyaturkeun lalakon pantun , nyaturna dihaleuangkeun dipirig ku sora pantun anu dipetik ku dalang , demi tugas alok mah ngalokan bari nakol kecrek ngamairan dimana lamun butuh pikeun  ngaramekeun nu ditakol ku alok , supaya teu monoton.

Dina nanggap pantun lengkep rurubana atawa susuguhna atawa pupulurna sab loba deui karuhun anu disambat diujubanna oge , anu utama congcot sangu pera bakakak hayam jago cobek luk emas beureum oge kudu aya keur tuangeun anu nulis ,cikopi pait cikopi amis duwegan kalapa hejo, bubur beureum bubur bodas roko keretek cap upet tanbang jarcok samu repil  surutu jeung tek tek wawangina minyak lambe jeung nyeungeut menyan  jeung madat jgelun dina dina parukuyan mulek , tah ieu kaasup anu utama nu kasebut dina  dina rajah pantun " bul kukus mendung ka manggung ka manggung ka sang rumuhun ka batara ka batari kasadaya karuhun nu wajib di rahmat di kembang , amit kula bade mantun nya mantun carita karuhun, palias neres narutus palian narajang alas , menta lancar dina nyatur , salamet anu nyatur salamet nu dicaturkeun , salame nu nanggap pantun salamet nu lalajo pantun, salamet sarereya.

Lalakon pantun
Mundinglaya di kusumah
Kanjeng Nabi Adam Babu hawa
Ciung Wanara
Gagak Lumayung
Jeung rea rea deui
Poho deui
Nanggap pantun
Di nu kariaan
Di nu kawinan
Di nu ngaruat budak nunggal
Di ngaruat lembur.
Mantun
Sapeuting jeput teu meunang disinget
Kudu dipapay dilalakonkeun
Di kawit dugi ka ahir
Komo lamun di nu ngaruat mah 
Teu meunang balik memeh anggeus
Sok dipegat sanekala
Kudu tepi ka parat lalakon
Tapi tengah peuting mah 
Sok eureun heula 
Juru pantun tuang leueut heula
Nyesep heula
Nu lalajo mah ngarenah 
Udud ngepluk
Bari barang dahar 
Orokaya tukang pantun 
Jeung alok mah
Jongjon ngalalakon


Geus beres reureuh lalakon
Dipaju deui tepi k tamat 
Kadang lalakon anu panjang mah
Sok tepi ka bray beurang malah tepi ka moyan.
Iyeu caritanu dicaritakeun ku
Juru pantun baheula keur ngora
Sok rajeun ngadengekeun carita
Pantun Alm. Aki Ca'i urang 
Pasirmuncang Situraja
Ampir lima puluh taun katukang.

Tilemna pantun
Bisa jadi ku alatan
Juru pantun tilar dunya
Teu aya deui nu nanggap pantun

Muga pantun ditaranggap deui
Supaya seni pantun sunda teu sirna.

Saestuna seni pantun teh carita anu dihaleuangkeun dipirig ku dua waditra pantun jeung kecrek di caturkeun ku juru 
Pantun diwuwuh ku juru alok.
Mun aya katerangan nu kaliwat mah sugan ke rineh diasel deui
Ayeuna mah rek udud heula nya
Sakitu nu kapihatur
Nyanggakeun sabrang salayan
Lebet ka cabe henteu
Sakitu urang tunda heula sugan ke 
kasampeur deui.🌹


Hampura bisi aya nu salah nyaritakeun atawa sah ngetik.








Tidak ada komentar:

Posting Komentar