KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 25 Juni 2022

Ulin budak

Rupa rupa kaulinan barudak nu keur meujeuhna beuki ulin , kaulinan barudak mangrupakeun pergaulan di antara babaturan ulin barudak , pikeun ngaleungitkeun kajenuhan sanggeus migawe kagiatan rutin maranehannana , balik sakola upamana, marenahna butuh waktu keur refresing arulin jeung batur baturna , ulinna mah naon we kumaha maranehna, loba kaulinan barudak boh di kampung tawa di kota oge, tangtu beda corak di unggal tempat oge, ngan lamun nengetan kaulinan barudak ayeuna tangtu bakal beda jeung kaulinan barudak jaman nini akina beh ditina jaman buyutna, naon sabab beda , kulantaran kamajuan jaman kamajuan budaya jeung teknologi, keun we teu kudu hariwang ku kamajuan jaman jeung teknologi da memang kudu aya kamajuan ulah monoton, lamun samemehna barudak garuyang di wahangan , pan ayeuna mah wahanganna oge caina geus robah kotor loba palasik , ,lamun barudak bareto sok ngala sayang manuk piit dina tangkal jambe , apan tangkal jambena  beak dipake panjatan maen rebutan lamun bareto ulin budak gatrik atawa maen panggal, prisprisan geus teu usum ayeuna mah eta mh jadul ,tapi sanajan kagolongkeun jadul di sawatara mah masih katimu keneh keun we da alat kaulinan oge bogaeun jaman bogaeun masa, teu kudu sarua, tapi aya kaulinan anu maneuh diantarana huhujanan dina mimiti usum hujan, susumputan , ucing ucingan , ucing sumput, soal barudak ulin da memang ulin mah dunyana barudak keun teu kudu dicaram , kudu soteh ditalingakeun ( controling ), oge kudu aya panenget ( evaluating ) anu matak ngakibatkeun teu hade mah caram we, saperti huhujanan papanasan anu kamalinaan anu ngakibatkeun budak hareeng , eta mah kudu dicaram, bisi budak ulin kamalinaan, poho solat , poho ngaji ,oge perlu dicaram,  ulin budak kudu dibere ruang bere kasempetan bari jeung tetep kudu meunang panalinga ti kolot, tapi ulah dicaram ulin ulah sagala ulah , karunya ka budak moal bisa menikmati masa kanak2 anu moal balik deui , anu antukna dok aya basa masa kecil kurang bahagia😁

Tidak ada komentar:

Posting Komentar