Selasa, 12 Juli 2022

Ulah milampah nu matak kaduhung

Saur sepuh  ulah moro julang ngaleupaskeun peusing , neangan anu can karuhan kapimilik hanas anu geus puguh kacerek dileupaskeun , anu diandekeun kana peusing , ngudag ngudag anu acan karuhan kacerek, anu diandekeun kana julang anu hiber diawang awang anu can karuhan beunang, ulah neangan anu can puguh.Anu ngabalukarkeun kaduhung diahir , kolot geus ngawanti wanti ku peuprujeuh anu ditulis di luhur " ulah moro julang ngaleupaskeun peusing " hanas peusing ani geus puguh dikuringan ku ranggap dileupaskeun hanas julang anu di awang awang teu beunang, atuh ouguh we matak kaduhung, kaduhung ngaleupaskeun oeusing , kaduhung moro julang nu hiber di awang awang teu beunang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar