Selasa, 31 Juli 2012
Senin, 30 Juli 2012
TEBAR PABINIHAN PARE
TEBAR PABINIHAN PARE; tebar pabinihan aya tilu rupa cara, nyaeta cara kahiji : tebar tuhur anu di darat bangsal ditebar dituruban ku daun joar diampret ku taneuh lemes, tepi ka umur lima likur poe atawa tilupuluh poe aya nu tepi ka umur opat puluh poe ngan kolot teuing sok kurang nyeuweu mun kolot teuing dipabinihan mah;
· · Bagikan
- Wisahya DrsCara kadua; tebar baseuh di sawah satutas dibuat ngahaja nyieun pabinihan dina kotaklan leutik, diangler make daun joar keur gemuk; bangsal ditebar kana petakan, teu dirungkupan taneuh. Umur binih pare sarua jeung dina tebar tuhur antara salawe poe, tilu puluh poe, atawa opat puluh poe, binih badot tara loba seuweuna; dibabut tuluy digecrok dina cai tepi ka beresih taneuhna tuluy dibeungkeut sakeupeul sakeupeul disebut sabentel;tuluy daunna dipotong, binih hasil tebar tuhur oge sarua dikitukeun.22 jam yang lalu ·
- Wisahya Drs Cara nu katilu; nyieun binih pare dina pi[piti anu diawuran ku huut buruk heula, tuluy bangsal dipurulukeun rata, dina cara ieu binih pare cukup tepi ka jumarum.
OSENG OSENG HAMPAS KECAP
OSENG HAMPAS KECAP; deungeun sangu rayat jeung nu merayat; hargana murah sadingkul sapupuh rebu; diasakanna gampang tibang dioseng make jalantah urut ngagoreng teri, make uyah bawang cengek guluntungan, bere gula asem sacukupna, dahar buka puasa bakal moho alas lebak biru. Oseng hampas kecap poma ulah diabenkeun jeung sate, mun enek kajeun diaben jeung beuleum pepetek wae, sambel goang cikuran saeutik,jeung poma ulah dipaqke botram atawa buka bersama, lain matak era ngan nu bogana lapur moal kabagean bakal disoro ku batur. Saenyana menak oge senengeun kana oseng hampas kecap teh ngan tara gujrud wungkul; jadi hartina oseng hampas kecap murah meriah ngeunah didaharna; teu matak dipaksa tensi teu matak kanker sabab murah. Tapi duka kiwari arek lebaran jaba kadele hese moal hargana undak beda tisasari. Tapi da biasana ari harega sabangsa hampas kecap mah tara pipilueun naek, biasana mah.
· · Bagikan
- Rohman Gumilar abdi ge seneng kana hampas kecap teh, disebatna gegenek...tapi sok kadang mendak anu tos hapeuk...13 jam yang lalu · · 1
NGUKUT SIRUNG KAI
NGUKUT SIRUNG KAI; saenyana sirung kai nu jadi tina tunggul urut nuar, jadina bakal tereh gede sabab akar anu ngakut zat hara geus nerekab; nu matak mun sirung dikukut kaina bakal tereh badag. Sirung biasana loba nu jadi di sabudeureun tunggul kai, tapi anu dikukut mah cukup hiji tawa dua tangkal we, pilih nu bakal lempeng. nu bongsor, nu sejenna mah rompes we. Cara milih sirung nu bakal dikukut bisa karek reng tawa diingkeun cena rada badag heula neh aya gunana pikeun halu tawa talutug tawa suluh tawa usuk. Sirung hirupna tereh badag umurna pondok , bakal tereh kapuluk batan ngahagal melak tina polibag tawa plances, ngukut sirung nguntungkeunpatani dina waragad jeung umur taneman, samemeh gede sirung lahan diantara sirung tawa tunggul nu aya sirungan bisa dimangfaatkeun keur pepelakan taneman samusim tawa ngahuma. Sirung geus gede oge bisa keneh dipepelakanan ku taneman samusim kayaning koneng, ileus, suweg, ganyol jeruk daun, jsb; tapi lamun dinu curam dipahing eta lahan diolah intensif, saperti keur melak sayuran anu dipencug taneuhna,sabab ngahudang taneuh rurud mun usum hujan, taneuh bagian luhur bakal kabawa palid nu balukarna taneuh keur tatanen jadi miskin hara, pepelakan bakal goreng.
· · Bagikan
TANGKAL SINGUGU
TANGKAL SINGUGU; rea kapanggih di reuma tangkal perdu, daun paranjang hejo, kembangna kumisan samodel kembang Kumis Ucing, buahna laleutik ngagoyot hejo. Hade keur di lalab ku awewe anyar ngajuru, matak meureut kan pianakan, jeung palawangan, matak seuseut teu leueur, matak pelem keur salaki, matak teu babari anakan deui. Sok diangge lalab ku Para Prameswari jeung Para Selir, ngan sok dirasiahkeun. Singugu hirup liar gampang kapanggih mun dina ruyuk ruyuk jeung sisi wahangan, pucuk jeung daunna bisa dilalab langsung, keur lalaki bisa ngentelkeun cimani nu encer nu babari elehan kawas hayam, mun boga niat ngalana ulah gujrud kudu rerencepan, dilalab jeung sambel oncom hade mun ngalana piubareun dina poe jumaah kaliwon kudu isuk isukm tawa pasosore, Singugu hade dilalab ku awewe nu dayut nu hayang beuteungna meureut deui siga parawan deui, kana p[inareup bakal manteng deui teu rayud jiga buah gedang, pakal peungkeur deui siga keur parawan. Mun didahar ku lalaki bakal mijah deui tepi ka linu.
· · Bagikan
- Afghan Dalem Sumedang pokona mah pangalakeun we teu apal,kliwon wage na mah ke dihilian ku anak entog
- Dadang Purnama sae tah tapi upami hoream mah ngolahna atanapi neangan daunna wios enjing-enjing tabuh genep kaluar ti bumi tedras ngajanteng di panto b uruan bari mastaka luak lieuk ret ka kenca ret kakatuhu, saentos kitu ngarenghap heula 3 balik, bari mencrong sing seukeut tah moal lila tidinya bakal aya jalma mawagandongan u eusina sabangsaning inuman , tanya ku salira jamu YU,,, mun ngawaler tah taroskeun wae obat kuat atw sari rapet, atw jamu perkasa mangga tiasa milih sakahoyong nu diperyogikeun .
KEJO POE
KEJO POE; sangu sea isuk nu kungsi beak,sesanyuguhan nu digawe macul di sawah.Kejo poe bear morolok da kapoe dina galengan sawah atawa digantungkeun dina jero saung ku karembong paranti ngais boboko; kejo poe mun didahar semu teuan sawareh, ngeunah mun didahar jeung sambel sesa nu garing dina coet, nguah coet, deungeunna jeung hulu japuh sesa isuk, nginumna nohtor ciatah tina pancuran, teu matak nyeri beuteung, malah jadi jagjag deui macul.
· · Bagikan
Minggu, 29 Juli 2012
RUKUN SONO
RUKUN SONO; tas tadarus, tas saur, tas perang, tas nyaba, tas moe kasur, tas pacogreg, tas meunang togel, tas orokan, tas lunas hutang,...tas nyieun imah; pindah kontrakan, ngendong di mitoha...tas khotam Qur'an...
· · Bagikan
- Adang Jhoni Tangtos atuh Bah. Di henteu 2 oge puguh da ka Putra. Urang Do'a kn we ku sadaya mugia Mantena sing d tampi iman, Islam na. Kalayan d tempatkn dina RachmatNa mungguh Alloh swt. Amin.
MARAK LEBAK
MARAK; ngabendung walungan ngabengkong leuwi nawu lintung;lumayan laukna sokrea pisan aya beunteur, jeler, kehkel, paray,bogo, lele,keuyeup, hurang, jeung impun. Engkang engkang racleng birat, tapi tara diala. Mun geus beak laukna diala kabeh, tuluy pangbendungna dibedahkeun deui kawas tadi. Lauk walungan mah tara dibesetan da beresih jaba leutik sabangsa beunteur mah, paling mun meunang nu gede karek dibeset. Laukna dipais make surawung, dibungkus ku daun samarana tibang uyah gula asem, ngeunah diasakan sisi walungan, didahar jeung timbel tawa ngadadak nyieun liwet. Pais lauk asak meueusan hurangna mani koneng beunteur hipu dipais saheab oge,rasana pelem, komo lamun dipais bari , pais lauk diisukeun, kacida ngeunahna...
· · Bagikan
NYUKCUK LEBAK CIBAYAWAK
NYUKCRUK LEBAK CIBAYAWAK; Sirah Cibayawak perenahna handapeun makam karamat Gunung Lingga makam Embah Resi Tuntang Buana alias Prebu Tajimalela, Desa Cimarga Kacamatan Darmaraja KABUPATEN Sumedang Jawa Barat. Tuluy ngalir ka wetan ngaliwatan ka sakalere3un lembur Cipeundeuy, di dinya aya Kiai kahot, caina diulur ka lembur Cipeundeuy, TULUY NGALIR DEUI KA LEBAH WETAN TEPUNG JEUNG sIRAH cIAWAI caii ngahiji di lebah lembur Pabuaran Samiang peunteu, di eta lembur aya Kiai kahot, Di lebah saluhureun SIRAH cIAWIcaina kungsi disusuk pikeun ngaguguntur nyieun jalan lebah Sumedang Wado Pasiringkik dina jaman Walanda, cai kungsi ngocor. Laju cai lebak turun deui ka lebah wetan nyorang ka lebah lembur Nanggerang gigireun Makam Sultan Mataram, Aom Sarimbit, Kiai, Ibu; anu boga lalakon ngislamkeun tatar Demaraja, lebah dinya sok dipake paranti ngeureut kontol, nyunatan ngislamkeun, Laju turun deui ka lebah wetan di palebah Gunung TULANG aya batu pangsalatan batu dempay ngujur kiblat cukup saurangeun luhureun Leuwi Gado. Laju turun deui ka lebah wetan ngaliwatan leembur Kalanganyar, di dinya aya kiai kahot. Laju turun deui ka lebah wetan ngaliwatan lembur Cikuya di dinya aya Pasantren Cikuya. Laju turun deui ka lebah wetan ngaliwatan lembur Cibogo, di dinya aya Ajengan CIBAYAWAK.,laju antukna ngamuhara ka walungan Cimanuk. Lebak Cibayawak kaasup walungan atawa lebak anu curam tarentong batuna, sok aya caah dengdeng anu ngadadak tur badag, caina heuras. Lebak cibayawak nyaian pasawahan ti girang keneh ti lebah lembur Cipeundeuy parat tepi ka pasawahan Cipaku Cibogo dicaian ku lebak cibayawak. aLUR lebak Cibayawak boga lalakon ngislamkeun Demaraja tug tepiu ka kiwari, rea jasana keur nyiram tatanen jeung susuci, Di lebak Cibayawak nu sok dipake guyang jeung marak dina usum halodo sapertio ayeuna, di lebak Cibayawak diajar solat dina batu pangsalatan di Gunung Tulang, Di LEBAK cIBAYAWAK alm kungsi diguyangkeun, dakina luduh hanjat awakna beresih.
· · Bagikan
- Wisahya Drs AMPIR DEUKEUT JEUNG CIKUYA NGALANGKUNG MAKAM EMBAH BUYUT HAJI DI CIPEUEUT/ EMBAH PRESI PREBU GURU ADJI PUTIH
Rabu, 25 Juli 2012
IPAD SI ENUNK
Gagah nya ce apa barudak... meser Tab ulampot..... — bersama Dadang Purnama dan 5 lainnya.
- Wisahya Drs duit meunang nginjeum ce, nek dibikeun ka s enung ah bisi rudet deui, peuting geus dibejaan bdkna mah' kolot mah kajeun nek ngahadean adven we, lebar
- Wisahya Drs bdk abh nu bungsu karek kls 2 smp, karunya ditinggalkeun teu ditalingakeun sapopoena, ges netbuk tinggal mtr, hyg ninja cenah' pdhl budk sagede cipeuw ari khygna sagede heulang
- Abdoel Hapied Thea Aduuuhhh naaaa nyaaaaa budak awewe sagede cipeum beut hyang mtr ninja sagala!!!
Bere weee boneka son de sipp atuh!!
[н̲̅e̲̅н̲̅e̲̅н̲̅e̲̅н̲̅e̲̅н̲̅e̲̅н̲̅e̲̅н̲̅e̲̅н̲̅e̲̅н̲̅ e̲̅] - Wisahya Drs ku abah mah isyallh nek dicmponan sing aya we rezekina, doakeun tad, pamenta teh sing saroleh we sing taqwa ka alloh
- Abdoel Hapied Thea Hmmm nyaaa atuh,ku pribados d dorong du'a na,walopun sbenerna tugas nyolehkeun budak ♍ª♓ lain ajengan lain pangeran,tp indung bapa na,sanes kitu?
Dek d islamkeun dek d nasrani keun ge kumaha bapa na!!!
Ngan takdir eta teh ku urang bisa d rubah,nyaeta ku cara nga Du'a ka pangeran!!! - Wisahya Drs nek dislamkeun nek imankeun ka gusti alloh, sabab ngan aya 3 hal nu bkl ttp ngocor ganjaran teh, nyaeta elmu nu mangpaat keur balarea matak mamang sok nulis dina blog sugan aya nu mangpaat, kadua sodaqoh jariah nu matak mamang ts nyieun tajug di lembur mdah'an mangpaat, ka tilu doa anak nu soleh, sgan boga anak 5 ditambah anak angkat piraku euweuh sahulu hulu acan anu soleh tur ngaduakeun ka mamang boh ayeuna mamang kr hirup keneh boh engke mamang ts maot, kitu ce, nhn kana dorong duana ti ustad, aamiin.
- Abdoel Hapied Thea الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ
أَمِِيْن....أَمِِيْن.. يَا رَبَّ العَالَمِينْ
Enya mang leres pisan,mun urang maot teh,nu nganteur urang ka pakuburan teh 3 rupa, 1.Banda 2.Baraya 3.Amal
Tah anu 1,2 bkal balik deui,nu d bwa ku rang ♍ª♓ ngan Amal hungkul,kitu nyah? - Wisahya Drs moal milu dikubur nya tad, emut ka pun bapa alm, amanah srg doana nu ka intip ukur nyuhunkeun sing saroleh sing taqwa ka alloh, ku mamang karek kaharti ayeuna tad, mamang geus incuan, bareto mah mamang keur bdk teu pati kaharti, mudah2an mamang dilebetkeun ka golongan anak soleh, oge mudah2an pun bapa srg pun biang sing kenging ni'mat kubur, aamiin
- Abdoel Hapied Thea أَمِِيْن....أَمِِيْن..آَمِ
يّـٍـِـنْ آَمِيّـٍـِـنْ آَمِيّـٍـِـنْ يَا رَبَّ العَالَمِينْ
Urang ♍ª♓,kedah sering intropeksi diri ʼnýα mang?
Yu atuh rang ka masjid? - Cheppi Remaja Masa Kini ke jam satu gas pol ka sumedang.. star sekre Batras... Fhinis gunung Lingga.... Kambing guling plus dungdat......
Langganan:
Postingan (Atom)





