KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Rabu, 15 Mei 2013

RITUAL SAKRAL PANGANTENAN

RITUAL PRAKTIS PANGANTENAN;

RITUAL anu sakral sok loba diheureuykeun ku budaya anu sakuduna dihormat supaya hidmat jadi camplang loba heureuy, anu ngaheureuykeuna PEMANDU ACARA, ti mimiti mapag panganten nepi ka rengse diwalimahan terus -terusan diheureuykeun,hal ieu kacida ngurangan kana makna rendengan pangantenan.

URUTAN ;

HIJI; tepung calon panganten satuluyna disebut bobogohan, kabogoh lalaki disebut beubeureuh, kabogoh awewe disebut bebene;

DUA ; nanyaan maheutkeun bobogohan, didinya aya patalekan,TI PIHAK LALAKI. kahiji NAHA CAN AYA NU BOGA, kadua , NAHA DAEK LAMUN ARTEK DIPIHAREP REK DIKAWIN?; terus dijawab ku ti pihak awewe, KABENERAN CAN AYA NU DATANG keur jawaban patalekan kahiji, keur jawaban patalekan nu kadu , KERESA; ieu dijawab ku budak awewe langsung tawa ku wawakil.

TILU , maheutkeunwaktu kawin diitung ku pihak lalaki tawa pihak awewe ; poe naon tanggal sabaraha bulan naon jeun taun sabaraha, maheutkeun waktuna pangantenan, ngawinkeun /.rendengan; sapuk disaluyuan ku sarerea.

OPAT , seserahan masrahkeun pipanganteneun lalaki ka kolotna pipanganteneun awewe KU WAWAKIL TI KULAWARGA LALAKI ; basana kieu, KURING NYERENKEUN PUN ANAK JANG ANU BIN ANU KAWIKEUNEUN KA TUANG PUTRA NYI ANU BINTI ANU, JEUNG MAS KAWINA KU EMAS SAKITU GRAM, MENTA DIKAWINKEUN AYEUNA KENEH HAYANG KASAKSIAN KU SAREREA KU KADANGWARGA, SAJABA TI ETA IEU MASRAHKEUN OGE BABAWAANA, MUGA DITARIMA KALAYAN KABUNGAHAN.; ditarima ku wawakil ti kulawarga awewe, basana kieu; TUANG PUTRA KATUTU BABAWAANANA SAPURATINA KU KURING DITAMPA KALAYAN KABUNGAHAN, AREK DIKAWINKEUN KA PUN ANAK AYEUNA KENEH PISAN, MENTA DISAKSIAN KU SAREREA.

LIMA , ngawinkeun, budak awewe menta diwalian dikawinkeun ka bapana pituin, basana kieu; BAPA PANGAWINKEUN NYAI KA AA ANU MASKAWINA KU EMAS SA ANU GRAM; tuluy bapana awewe wali ngawinkeun basana kieu; JANG ANU BIN ANU BAPA NGAWINKEUN MANEH KA ANAK BAPA NYI ANU KALAYAN MAS KAWIN EMAS SA ANU GRAM DIBAYAR KONTAN; jawab budak lalaki kieu; tarima kuring kawin ka nyi anu binti anu kalayan maskawin ku emas sa anu gram dibayar kontan; di sahkeun ku dua saksi ti awewe jeung ti lalaki; rengse kawinan di doaan, muga sing lambat lambut sing repeh rapih kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak si ngarundaykeun turunan anu hade; tuluy disawer di panyaweran beas koneng duit diwadahan ku bokor, panganten di sawer beas koneng duit , nincak endog, miteskeun harupat, hua lingkung, buka pintu, kabehanana ngandung siloka apagah jeung do'a ka panganten; tuluy munjungan salam ka sepuh kadang warga,tuluy munjungan ngirim kadaharan ka sepuh kadang warga nu engkena dipulang ku uang tawa ku barang pikeun bekel rumah tangga jatukrami.tuluy panganten NGURENAN IMAH-IMAH MISAH TI KOLOT NGARUNDAYKEUN TURUNAN ..