KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 24 September 2012

PENAPSIRAN BUDAK ANGON

Wisahya Drs; pegungkapan tentang -budak angon- tidak hanya di sunda saja, melainkan suku bangsa atau bangsa lainpun pernah menyebut tentang hal -budak angon, cah angon-; budak angon adalah penapsiran dari sosok yang telaten yang mampu memperhatikan seluruh gembalaannya - sakabeh angonanana-; budak angon adalah sosok yang melindungi, memperhatikan, mengayomi, dan menyayangi - heman -; sosok ini did
ambakan oleh penduduk dunia; budak angon adalah sosok yang pernah menggembala -ngangon-, yang tidak pernah menggembala -ngangon- tidak mungkin memeliki sipat budak angon yang telah disebutkan di atas; lalu siapa yang dimaksud oleh Prabu Siliwangi, adalah siapa saja yang meliki sipat diatas, itulah yang diharapkan untuk menjadi pemimpin sejati, -pileun ngangon angonanana-; siapa.., ya siapa saja.Kalau ditapsirkan jaman sekarang adalah sosokyang - beriman, taqwa, berwawasan luas; demikian , mudah-mudahan tidak menjadi pertanyaan yang tidak pernah terjawab, dan tidak pernah ditemukan; karena sekarang banyak tapsiran yang lain-lain dan bahkan ada yang berani mengaku atau menunjukan bahwa ada sosok budak angon; tidak akan ketemu sampai kapanpun, hanya suatu illusi yang membuat terbelenggu pikiran, dan penapsira-penapsiran yang tidak logis. salam.
Suka · ·
  • Aan Merdeka Permana Nu ngangon tara dangoh ajeg panghareupna bari sombong. Ngangonmmeri pasti cicing tukangeun meri (teu hayang kapuji hayang katangar), tapi gagasan jeung parentah digugu ku meri. Upami leres Prabu Siliwangi kantos ngaluarkeun wangsit, tangtos anjeunna teu muguhkeun saha-sahana. Mung ugeran pamingpin teh kirang-langkung kedah jiga budak angon. Teu sombong teu umangkeuh asa aing pangbenerna asa aing pangpinterna, tapi ucap jeung lampah ditiru ku anu diangonna.
  • Wisahya Drs Salam..Mas Aan, nuhun kana pangwuwuhna, cobi dilajeng nu langkung -gemet- supados pamirsa teu -hemeng- napsirkeun budak angon; ...
  • Sri Rangganis Suciawati punten 'nis ngiring sumanggem, 'nis kantos ngobrol sareng papih,,
    pamendak papih mah saurna kieu;
    budak angon téh sanés mangrupi tuduh ka hiji tangtung bungkeuleuk jalmi atanapi profesi, kecap 'budak angon' téh sakaligus mangrupi papancén kanggé satiap manusa Sunda hususna, "budak angon" maksadna tuh budak angon ! Budak anu mana ? Muhun maksadna barudak, boh barudak nu mangrupi generasi penerus bangsa nu kedah asak diAsih diAsah sareng diAsuhna, dipalajar diatik sareng dididik ku ajén inajén budaya sareng agama supados janten Sumber Daya Insani anu mumpuni, janten bibit manusa unggul kanggo gegentén jaga janten pamingpin anu adil tur wijaksana, atanapi heulaanan budak anu sipatna batin, budak atanapi murangkalih téh kapan nu dibabarkeun, syaré'atna mah murangkalih orok, mung ari sacara batin mah budak atanapi murangkalih urang nu saleresna nyaéta sanés kanten anu lahir tina Tékad Ucap sareng Lampah urang, tah éta nu langkung tipayun kedah ku urang diangon asak dipalajar, upami éta buak / murangkalih batin nu tilu saé kantenan murangkalih sacara lahir ogé saé, upami lahir batin parantos saé, kantenan bakal bungkeuleuk hiji tangtung anu saé tur saéstu tuhu kana papagon da tos asak dipalajar lahir tumeka ning batin, tah kitu numutkeun pamendak papih 'nis mah
  • Wisahya Drs Nis, muhun eta di dimaksad ku mamang parantos luyu sareng pamendak -papih nis-; da moal kapanggih neangan budak angon nu mana, kalah leneng sirah, -menerka-nerka-, janten kieu -enas-na mah, jalmi nu mibanda sipat sareng sikap budak angon, kumaha budak angon nalingakeun angonanana, boh ngangon sapi munding domba embe, tawa ngangon meri, kitu nya nis, nuhun kana pangwuwuhna, salam ka papih nis...
  • Sri Rangganis Suciawati sumuhun mamang sapagodos, mangga 'ngkin pami tos mulih ku 'nis didugikeun da ayeuna mah papihna nuju angkat ka Pasar Degung jajap mamih ;)
  • Wisahya Drs nunhun atuh pami aya sepuh anu jembar panalarna mah sapertos papih nis, mamang hoyong ngobrol pami diparengkeun mah, gaduheun fb teu...
  • Sri Rangganis Suciawati ah henteu papih mah tara pirajeunan, kadieu wéh atuh mamang amengan ka Skbm :)
  • Wisahya Drs Isyaallah pami rada nyalse nis pami diparengkeun ku Gusti, nuhun kana pangangkena zajakallahu...
  • Sri Rangganis Suciawati amin, mugia atuh mamang diantos
    salam baktos ti 'nis ka sadayana para sepuh, hapunten bilih 'nis cologog nyarios kokolot begog
    mangga dikantun ;)
  • Tati Sugiarti male macana panjang teuing ah.....like we
  • Wisahya Drs aamiin, teu sawios bageur pan kedah aya penerus bangsa anu -engeuh kana jati diri bangsana, teraskeun we , sae pisan eta teh, wljg..
  • Wisahya Drs Ceu guru, saena mah ditengetan..teras didugikeun deui ka nu sanes, eta padamelan sae, da kg wis oge kitu, pami gaduh pamendak teh sok didugikeun ka nu sanes, kantun nelaah, pami dianggap sae atuh ampihan , pami biasa-biasa mah, teu langkung we, kitu, Ceu..

Minggu, 23 September 2012

NULAK CANGKENG

= NULAK CANGKENG; MASIH BANYAK YANG MENGUNGKAPKAN - melak cangkeng-; ada ungkapan - nulak cangkeng dina punduk-, dan atau - teu perlu nulak cangkeng -, melak berarti menanam, sedangkan nulak berarti menopang, jadi yang benar adalah , nulak cangkeng.

== bloger sejati ==

Jumat, 21 September 2012

KAULA SEJA BABAKTI

Kaula seja babakti, sakedik nu dibaktikeun ageung anu disuhunkeun; disuhunkeun kamangpaatanana, disuhunkeun kaberekahanana; saeutik hayang mahi loba hayang aya sesana, hayang bisa nulung kanu butuh nalang kanu susah, hayang bisa mere maweh ka kulawarga ka sasama.

== bloger sejati ==
 

NGULUR CAI..

ngulur cai ti tatangga hyg ckp smggueun...
Suka · · · 12 jam yang lalu ·