KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 26 Maret 2012

Ajaran Mbah Duhur


Sim kuring mendakan hiji makam Mbah Duhur di Cijotang Desa Sukarapih kacamatan Sukasari KAbupaten Sumedang-Jawa Barat. Didieu kapendak hiji ajaran kangge ngalestarikeun kebon awi, umumna pangeusi lembur usahana salian tani teh nyieun anyaman bilik motif jeung ebeg timimiti budak nepi kakolot dilembur ieu geus biasa ngayam bilik jeung ebeg. Aya hal anu aneh ari pagawean ngome awi atawa make awi tapi kebon awi weuteuh, saenggeusna kuring nyalusur ka sababaraha tokoh di eta tempat sihoreng aya ajaran karuhun anu masih dihormati dipake ku sakumna masyarakat didinya nyaeta SAUR MBAH DUHUR SATUNGGTUNG AYA BEULIEUN MAH MEULI WAE TI LUAR nu matak kebon awi teh tetep weuteuh tah ieu aya hiji ajaran kanggo PELESTARIAN KEBON AWI. Keur kapentingan kabutuhan anyaman masarakat didieu ngadatangkeun awi na ti Rancakalong, Situraja, Darmaraja keur awi hideung ngadatangkeun ti Tasik jeung Sukabumi. Anapon awi nu aya di dinya tibang aya perlu ungkul kakarek di ala malah sim kuring manggihan kebon awi anu masih keneh weuteuh tara di ala. hal ieu bisa disebutkeun awi deuleu tara dipake / diala tatapi keur kapentingan konservasi ajaran ieu kacida ngabantuna keur kalestarian awi sok komo ayeuna kebon awi kadeseh kurupa-rupa kapentingan sapertos pamukiman pasawahan lahan tatanen, jeung jalan tol sugan we kebon awi didieu teu kaganggu kuhal seperti diluhur diharepkeun kebon awi didinya weuteuh salilana. saderek tiasa nguningaan langsung kalokasi atanapi dina entri nu ti payun Perajin Bilik Motif jeung Hutan Bambu Rakyat.

Ajaran Buyut Kasih

Sim kuring mendakan ajaran kanggo katahan pangan diwilayah Dusun Maruyung desa Kutamandiri kacamatan Tanjungsari kabupaten sumedang propinsi Jawa Barat didinya kapendak aya makam karamat anu karuhuna teh katelah Buyut Kasih anjeuna ngawariskeun hiji konsep katahanan pangan anu perlu pisan di uningan ku sakumna dulur-dulur, konsep ieu nu dingaranan BEAS CANGGEUM aturanana saderhana pisan unggal nyiuk beas ti padaringan dicokot sa canggeum dipindahkeun kana padaringan leutik jadi di goah teh aya dua padaringan, padaringan gede wadah beas anu rek disiuk, padaringan leutik keur wadah beas canggeum. Beas canggeum ieu teu beunang dipake disangu kajaba lamun perlu pisan diinjeum kudu digantian deui lamun eta padaringan leutik geus pinuh dipindahkeun kana karung goni sanggeus sataun eta beas dijual ladangna dibeulikeun ka domba, domba geus loba dijual dibelikeun ka sapi, sapi geus loba dijual dibelikeun ka sawah. tah ieu hiji ajaran anu perlu ditulad ku urang pikeun ngayakeun katahanan pangan,jadi konsep ieu henteu bisa disebut kuno ku jaman kiwari oge masih bisa dilakukeun jeung konsep ieu henteu kudu diterapkeun kana beas wae saenyana kuduit oge bisa upamana budak dibere sapuluh rebu disisihkeun 100 perak, jelas bakal sarua jeung Konsep Beas Canggeung Buyut Kasih

Situs Makam Karamat

Add caption


Add caption
Makam karamat anu sumebar ditatar jawa mangrupakeun situs anu lengkep maksudna dina hiji makam karamat teh: aya kuburan karuhun hiji atawa leuwih, aya sirah cai, aya rupa-rupa kakayon, aya rupa-rupa sasatoan, aya benda purbakala rata-rata tina batu sok disebut oge artefak. tah eta secara fisik anu bisa katingali kalayan atra dupi tempatna kalolobaan diluhur gunung tapi teu sautik didaerah lembah oge sakumaha anu kapendak diurang sadayana. Sajaba ti eta di makam karamat sok ditungguan ku kuncen (juru kunci) dibumi juru kunci sok aya buk (naskah) anu eta buk teh eusina silsilah jeung ajaran(aturan kapamalian) atawa riwayat, biasana buk ditulis teh mangrupa kulit handalam anu diseratna ku japaron aksarana biasana aksara sunda atawa jawa atawa arab gundul, dibukana sataun sakali dina bulan muharam, bari ritual bubur sura, hal ieu raket patalina sareng riwayat kanjeng Nabi Nuh As, sabadana hanjat dina banjir sadunya waktu harita.ritual ieu sajaba tibubur sura nu sok dipake panayogean oge sok disebut ritual ngalap elmu, sajaba ti buk oge biasana sok aya parabot pusaka karuhun anu dimakamkeun di eta makam karamat.pusaka mangrupa keris atawa gobang atawa kujang, tumbak, jeung batu ali, dibukana sataun sakali dina bulan mulud, ritual ieu sok disebat oge ngasah elmu jeung ngamandian jimat. Rata-rata dimakam karamat tos aya aturan kapamalian sabenerna teu beunang dirempak contona teu meunang saga wayah putak-petik atawa ulu ala atawa kudak kadek atawa mateni sato anu aya dieta makam. makam karamat mangrupakeun sawaka flora fauna /tutuwuhan jeung sasatoan hal ieu hade pisan pikeun dilestarikeun/dirumat pikeun rupa-rupa kapentingan contona keur kapentingan panalitian, makam karamat oge mangrupakeun leuweung leutik (hutan mini) anu mibanda sistim katahanan lingkungan jeung budaya. di makam karamat urang bisa nitenan ngeunaan wangun kuburan biasana wangun kuburan dihiji makam kapeung aya beda jeung di makam nu sejenna tah ieu oge perlu pisan dititenan kuurang lantaran hal ieu bisa nuduhkeun umur kuburan anu dipatalikeun jeung wangun kuburan oge bentuk wangun batu anu dipake kuburan eta, jadi hartina urang bisa nitenan atawa bisa merkirakeun yeun eta anu dikubur teh abad sa anu. ngeunaan tutuwuhan jeung sasatoan nu aya di makam biasana khas sok tara aya ditempat nu sejen contona kapendak di makam cipeueut (cipaku darmaraja) tangkal jati jeung kalong, terus nu kanpendak deui di sirah cipaku aya tangkal teureup jangkung jeung rupa-rupa tutuwuhan lengkep satona monyet. demi wangun kuburan nu digambarkan di eta dua makam beda kacida nu dicipeueut mah ku batu walungan anu disirah cipaku mah batu alam, nu saterusna ngeunaan benda purbakala nu kapendak di makam gunung lingga darmaraja aya lulumpang nu di makam sirah cipaku  aya batu kantong lajeng anu dimakam dayeuh luhur kapendak aya batu tapak. ningal hal sakitu kaayaanana urang minangka seuweuna sabenerna aya kawajiban pikeun ngarumat eta situs kalayan sadar henteu perlu aya nungunguprak atawa nu marentah sabab eta teh milik urang anu kudu dipulasara ku urang ngan hanjakal kalolobaan jalma henteu enggeh kana eta hal sok loba keneh anu hayang ngaruksak batan hayang miara aya oge nu pikalucueun perkara ngarehab kuburan makam karamat anu disangkanan bakal leuwih hade padahal ngaruksak tatanan makam conto : makam raja sumedang larang anu boga ciri khas anu beda ti batur nu aya di dayeuh luhur dirobah ku kramik hal ieu kacida telodorna anu ngabalukarkeun nilai sajarah atawa riwayat ieu makam jadi ilang, terus sok loba keneh anu kabitaan nuar kai dimakam karamat anu dalihna jang kapentingan umum padahal lamun geus pada ngarti salarea mah hal eta teu kudu di pilampah. jadi makam karamat teh mangrupa daerah sawaka anu boga otonomi anu perlu dirumat kusarerea pikeun ngajaga kalestarian lingkungan flora fauna jeung budayana.

Sabtu, 24 Maret 2012

Konsep membuat objek wisata Alam

Objek wisata alam dinegara kita banyak sekali yang perlu dipublikasikan dan perlu dilestarikan kaitanna dengan kelestarian sumber daya alam hayati dan ekosistemnya sebagai mana diamanatkan oleh undang-undang RI no 5 tahun 1980 tentang pelestarian sumber daya alam hayati dan ekosistemnya. Objek tersebut kerap kita temukan pada situs peninggalan masa lalu contohnya pada makam keramat yang tersebar diseluruh wilayah disana terkandung sumber daya alam seperti berbagai jenis flora(tumbuhan) dan terkadang ada jenis fauna (satwa) ada sumber mata air ada beberapa kuburan kuno yang bentuknya unik dan juga disana terdapat sebuah konsep pelestarian kearifan lokal dalam sebuah undang-undang jaman dahulu warisan para leluhur dengan sebutan pamali (teu meunang, ulah)/ tidak boleh / jangan. Nah konsep ini sangatlah bijak apabila kita telaah hal ini sudah merupakan undang-undang tak tertulis tetapi masih sangat dihormati, ketika undang-undang ini sudah dilanggar atau cupar maka konsekuensinya keadaan alam tidak akan seimbang lagi maka sebaiknya dengan berbagai cara kita harus turut serta berpartisifasi untuk senantiasa melestarikan yang telah diamanatkan oleh leluhur melalui konsep pamali dan oleh negara melalui undang-undang tersebut diatas. Adapun mengenai pembuatan konsep objek wisata alam hendaknya mengacu kepada objek-objek yang telah ada untuk supaya ada nilai jual historis maupun visi saya ambil contoh makam raja pajajaran mandataris yang berada di Dayeuh Luhur oleh karena makam raja tersebut sudah dirubah bentuk dari yang aslinya maka nilai historis dan nilai jualnya menjadi merosot. selain daripada itu saya juga menemukan bukti utama dari cadas pangeran sudah hilang karena batu yang di bobok sudah berubah tidak sesuai dengan aslinya hal itu menurut saya sebuah keteledoran sehingga nilai cadas Pangeran merosot pula selain daripada itu satwa khas cadas pangeran yaitu yangdisebut muka sudah hampir punah. muka cadas pangeran adalah binatang langka pemakan pucuk bambu, kalau dinegara cina adalah panda. tapi muka bukan panda binatang ini asli satwa indonesia. beberapa hal yang saya ingin sampaikan disini bahwa ketika objek wisata akan dikembangkan disuatu daerah diharapkan erat kaitannya dengan pelestarian sumber daya alam hayati dan ekosistemnya hal ini akan mendukung daya tarik dan nilai jual objek tersebut diharapkan tokoh-tokoh tempo dulu tetap disebut dan dihargai dikenang atas jasa-jasanya.

HIKMAH NIKAH

Nikah mangrupikeun sunah Rosul anu kedah di laksanakeun ku umatna. Dupi maksadna diantawisna kangge ngahindarkeun zinah anu kacida dilarangna boh ku agama Islam oge ku agama nu sanesna, kanggo ngengingkeun turunan kalayan syah numutkeun agama sareng aturan pamarentah, kanggo silih kawulaan lahir batin antawis caroge sareng istri kanggo katentreman lahir batin, kangge pameget aya tempat majikna hate numawi sok disebat pamajikan hartosna tempat reureuh hate, kanggo istri aya tempat panyalindungan sareng tempat pangawulaan margi istri kawajibanana ngawulaan lahir batin nu janten caroge, caroge kawajibanana nganafkahan nu janten bojo. oge nikah teh mangrupikeun ibadah anu sah numutkeun agama islam. upami ningal pertelaan diluhur dina salah sawios rumah tangga/lakirabi sok aya nu pacogreg aya dua hal :
kahiji tos kaluar tina konsep nikah kadua aya oge anu nyebatkeun minangka bungbuna lakirabi aya paripaos piring mah paketrokna jeung sendok, tapi upama rumah tangga tos mempar jauh tina klausul anu disebut diluhur hal ieu geus teu nyumponan deui kana syarat rukun rumah tangga, tan numawi dina hal ieu sim kuring bade nyobi medar ngeunaan bab lakirabi saur pun guru kamari ieu nalika sim kuring ngaluuhan pertikahan anjeuna yeun rumah tangga teh wajib lain keur nu ngarora wungkul anu parantos sepuh oge satungtung kadada kaduga keneh eta wajib hukumna kudu rumah tangga kudu nikah keur mere conto katurunan jeung keur silih kawulaan sabab aya beda dikawulaan kunu jadi anak atawa incu atawa dulur sok aya ragab boh nu dikawulaan boh nu ngawulaan, beda jeung ku pamajikan tah ieu diantara inti hikmah nikah teh. paingan atu kanjeng Rasul kacida nganjurkeunana kaumatna kasing saha wae anu geus akhil balig nyarankeun supaya enggal nikah. Dupi prakprakan nikah numutkeun agama islam sing horeng teu hese tibang aya calon panganten istri pameget aya dua saksi aya wali aya mahar jeung aya ijab kobul sakumaha anu parantos diatur kuaturan agama sareng nagara. tah eta nikahmah da anu sanes na mah aturan-aturan pangiring boh budaya boh kahayang urang. sakitu heula anan ngeunaan hikmah nikah.

Selasa, 06 Maret 2012

NGAHUMA DINU HIEUM

Pare huma teu bisa dipaksakeun di pelak dihandapeun tangkal anu hieum ku kakayon jeung pare huma saeunyana henteu payaeun kahieuman atawa loba teuing baturna anu di pelak dina waktu babarengan. ieu kapendak di blok Cikandang desa Raharja Kac. Tanjungsari Kab. Sumedang atra pisan katawis pare huma hirupna teu subur ukur opat puluh senti geus beukah gambrang lapur moal kapuluk tapi patani bisa katulungan tina hasil pepelakan nu sejen sapertos sampeu cengek sareng koneng.



Dina sisi huma aya cengek anu hirupna subur nuju meujeuhna bubuah ngan ngora keneh daun sampeu ngagegedeug hejo parena mah mereketetet di handap sakuma nu katingali dina ieu gambar ieu lokasi teh pinuh ku tangkal kai anu dauna ngemploh hejo.








Jadi tetela pare mah teu bisa alus dinu hieum jeung loba teuing baturna anu alus dipelak dinu hieum mah taya lian iwal beubeutian saperti koneng jeung taleus sakumaha anu katingali dina gambar digigir.









Tas ngapruk huma batur nitenan kamekaran hirup pare huma gening teu hade tong dipaksakeun ama ngalungsar di teras batur.

PARE TULAK

 Pare Tulak warna huut hideung warna beas hideung tapi ieu sanes pare ketan hideung estuniang pare pra biasa anu hirupna aya nyelap diantara pare biasa nu mawi disebat pare tulak hampir sami istilahna sareng hayam tulak anu bulu bodas aya diantara bulu hideung dina jangjangna. tah hal ieu ge sami pare tulak sok nyelip hirup tur buahan beuneur di antar pare biasa tara ngahaja di pelak sok hirup ku sorangan lamun diwungkulkeun sok hapa numawi hirupna paretulak tetep sok aya diantawis pare biasa. PPL desa Raharja Kac. Tanjungsari Kab. Sumedang nuju nitenan pare tulak nu aya ditengah kotakan di Blok Cikandang.
Cobi tengetan tah ieu jentrena pare tulak teh huutna semu hideung hampir sapertos ketan hideung hirup nyelap di antawis pare biasa. pare tulak beasna sok diangge tumpeng dina hajat tolak bala sasih safar sepuh kapungkur sok tarapti keneh ngahaja nyimpen binih pare tulak sareng tumpeng dina acara ritual tolak bala sok dicampur ku beas pare tulak ngalap berkah tina eta pare tulak.

MULUDAN DI SS TANJUNGSARI

Terebang, ieu masih kapendak dina nalika muludan di es es tanjungsari caket alun-alun mani asa waas sihoreng terebang anu kapungkur diangge nyebarkeun agama islam kupara wali geuning aya keneh di Tanjungsari sanaos alatna teu lengkep sareng carana benten tapi nu penting terbang masih aya keneh tur diangge kemasan sateuacan muludan di kawitan.


Anu langkung kataji deui ayana peran serta murangkalih meni asa reuues kacidamurangkalih anu saroleh tiasa ngaluuhan kana acara muludan asa emut nalika sim kuring nuju alit sok ngiclik ngiring sareng pun guru di ajak muludan.



Mama kiai Haji Sobana salah sawios tokoh agama anu dipihormat di Tanjungsari nuju medar perihal muludan kinten wanci tengah wengi, cobi perhatoskeun aya dipayuneun mama kiai aya tumpeng anu sok disebat CANGKARUK MULUD.




Kajian
Hal anu kalintang penting dina ieu acara muludan aya keneh kapendak alat kasenian terebang padahal di tempat sanes mah kawilang langka mudah-mudahan ieu seni terbang tiasa dirumat tur dilestarikeun margi ieu alat teh kalintang ageung jasana dina nyebarkeun agama islam. Anu langkung heran cenah ieu tempat teh sok disebat nagara beling tapi gening kacida katajina tokoh pemuda ngayakeun acara muludan tur dipimaksad bade bertobat ka gusti nu Maha Suci nagara beling dirobih jadi NAGARA BENING.
Hasbiyalloh wani mal wakil ni mal maula wani mannasirr wala haola wala quwata illa billahil a liyil adzim.Aamiin.

WALIMAHAN DI LENGKOB

He jang asep Hendra bapa nikahkeun hidep ka anak teges bapa nyi ela kalayan mas kawin cincin emas sa gram di bayar kontan.
Tarima abdi nikah ka nyi Ela kalayan mas kawin cincin emas sa gram di bayar kontan.
Sah.


-
Nyai aa nyanggakeun mas kawin cincin mas sa gram.
nampi.





Sawer panganten disawer ku beas koneng jeung duit.







Nincak endog nepi ka peupeus, meuleum harupat hartina miceun sifat getas harupateun, meupeuskeun kendi hartina lambang tina musyawarah nu mufakat mun aya pasualan dibadamikeun babarengan tur aya dina kasaluyuan.






Ngawasuh sampean kawajiban nu jadi pamajikan saeunggeusna ngalakukeun gawe bareng.












Buka pintu: punten nyai ieu aa sumping, mangga ka lebet.
hartina teu meunang saga wayah narima lalaki kajaba muhrim.







Huap lingkung panganten awewe masrahkeun bakakak panganten lalaki ngahuapan  bakakak hartina pamajikan sadia ngarasanan lahir batin, salaki wajib nganafakahan nu jadi pamajikan.










Sungkem nyuhunkeun dihampura sareng piduana bade ngambah rumah tangga.










Kajian:
Aya dua hal nu peryogi di perhatoskeun sareng di lereskeun:
1. Ijab kobul  mas kawin sering kapendak sok dipandu ku panghulu hal ieu kedahna langsung ku caroge ka bojo.
2. Dina sungkem urang masih sering mendakan sok di pandu ku juru sawer hal ieu oge sami kedahna langsung ku panganten boh diucapkeun atanapi cekap dina manahna masing-masing boh murangkalih boh sepuhna margi upami dipandu ku juru sawer sok teu hidmat sapertos sinetron sakitu nu jadi kapendak masih keneh rancu, padahal hal ieu ritual resmi sanes sandiwara mugi janten perhatosan sadayana.

3. acara mawakeun kapara sepuh jeung kadang warga masihan katuangan anu ngahaja didamel maksadna silaturahmi panganten maparin sedekah anu engkena bakal dipulang ku paparabotan atawa duit keur bekel rumah tangga biasana didieu sok dipapagahan bari diduakeun.
4. Ritual numas hartina laporan tipihak lalaki ka pihak awewe anu samemehna budak lalaki ditaros kuibuna bahasana kieu kumaha saur ibuna atos ceuk budakna tuluy budak diseleksek naha weuteuh atawa geus peupeus lamun weuteuh tipihak lalaki laporan kapihak awewe tandana ku bakakak  anu weuteuh tapi lamun geus peupeus tungir bakakak ditiir ku tusuk sate. hal ieu tos jarang dilakukeun utamana ngajaga bisi aya hal anu teu diharepkeun saupama kaayaan budak awewe geus teu weuteuh deui.
Barokallohu laka wa baroka alaika wajama'a bainakumma pichoer. sing lambat lambut kacai jadi saleuwi ka darat jadi sa logak,amin.